Sabtu, 03 Oktober 2009

MUNGKAS DURIAT

Mun wanci geus teu surti
Mun mangsa geus teu do’a
Urang moal bisa kukumaha

Ngan diri nu kudu ngarti
Anging raga nu kudu tumarima
Rehna ati geus teu bisa ngajadi hiji

Carita katukang mugi jadi eunteung
Ulah asa kahalangan mun anjeun rek neangan nu anyar
Ulah asa kadingding kelir pami rek milari deui ganti

Kuring rumasa geus teu bisa mere bagja
Kuring ngaji diri tara ningtrimkeun ati
Hampura pami kuring sok nyieun dosa

Cag carita cinta urang pungkas danget ayeuna
Masalah jodo rongheapna moal kamana
Mugia urang tinekanan jeung kabagjaan

oktober 2009

PILEULEUYAN

Mangsa nu diseja duka iraha datangna
Wanci nu dianti teuing iraha tepina
Kuring kudu ikhlas ngaleupas kembang impian
Kuring kudu rido mopohokeun rasa kasono

Saleresna hate bingung kapigandrung
Jiwa geuring nangtung ngalanglayung
Kuring teu bisa bohong
Dina hate ngan aya anjeun
Tapi kumaha?
Kuring butuh hiji kapastian
Kuring butuh rasa sapamadegan

Pileulueyan
pikeun carita nu tacan kadongkang
Pileulueyan
pikeun cinta nu heunteu nyata
Kuring rido pami lain jodo
Kuring ikhlas mun teu bisa mikamilik diri salira

september 2009

NANGGO JODO

Langit geus beuki surti,
Kana pakaitna dua ati
Jagat geus tangtu nyobat,
Kana raga nu seja nyeba carita cinta

Mega geus moal ngasaha-saha
Kana datangna dua insan
Nu ngapak jangjang mawa duriat katresna

Teu perlu cukang lantaran
Pikeun ngahijikeun ieu rasa
Teu perlu nunggu sareupna
Pikeun ngedalkeun rasa cinta

Isuk jaganing geto
Tinggal nunggu waktu nu tangtu
Nango jodo anu rido
Nganti wanci nu musatari
Pikeun nangtukeun urang ngahiji

januari 2009

NYEBA CINTA

Teu kudu nyuprih jirim nu teu surti
Teu kedah nyeja raga nu teu ngawaruga
Lain mangsa pikeun ngabayang mangsa
Nu can puguh iraha datangna

Pan jirim jeung waruga geus datang dina kongkolak jiwa
Satria madangkara geusan datang nalika nandang tunggara
Ngabagi ati nalika dirina teu walagri
Ngaguar carita nalika manggih kabagja

Datangna mugia salawasna dina waktu nu sampurna
Sarenghap jeung mangsa nu diseja ku salira
Perkawis kasampurnaan tea

Ucapna mugia entep seureuh
Malapah gedang
Gilek jeung rindatna
Mugia tiasa mukakeun manah salira

Diri tangtos sumping kacalon istri
Pami nuju teu walagri
Jiwa bakal diseba kasalira
Nalika nandang tunggara
Qalbu moal dibelenggu
Pami nuju rindu

Bagja, tunggara, jeung rasa kabimbang
Sadayana ngan bisa dipungkah ku salira
Salira nu jadi totonden hate

agustus 2008

HAYANG JONGHOK

Kidung geus teu bisa jadi batur
Tembang geus teu bisa jadi ubar
Kuring bangluh dirungrung kabingung
Bingung lantaran hateu pinuh kugandrung
Kuring honcewang, lantaran hate pinuh ku rasa kamelang
Hariwang ingis anjeun aya dina katunggaraan

Kuring hayang anjeun bisa datang,
Nalika kuring melang
Anjeun ngalongok nalika kuring hayang jonghok
Kuring tangtu jebul pami salira nuju rindu
Kuring surti pami salira nuju teu walagri

GANITRI

Cobi sakseni tangkal ganitri nu kembangan deui
Nu sawatara waktu katukang ngarangrangan
Lantaran ibun bajra geus teu masehan dahana
Dauna koredas katebas angin kahariwang

Kiwari ganitri geus daunan jeung kembangan deui
Kuring hayang nitip rasa ka anjeuna
Ngaliwatan seungit kembangna jeung liuh dauna
Mugia ganitri moal rangrang jeung koredas deui

september 2008

ASA-ASA

Ngancikna rasa kahalangan ku asa-asa
Aya kagok mun erek pok
Naha enya kitu?
Tibarang manehna ngedalkeun katugenahna
Naha aya anu anyar dirasa
Naha enya kitu?

Rumasa loba pananya,
Rumasa loba ka asa-asa
Rumasa loba kacangcaya
Kuring can wani balaka
Minangka kuring miboga rasa cinta

Aya anu anyar nyimbutan jajantung
Aya anu anyar nyakclakan kahanaang
Aya anu anyar malidkeun panghareupan
Kuring kari ikhlas melak katresna keur tumarimana

Cangcya, asa-asa jeung pananya
Eta kodratna manusa
Lumrah jeung biasa,
Lamun urang miboga eta rasa

Sagala carita nubakal ngembat manjang
Salawasna dibuka kurasa cangcaya, asa-asa jeung pananya
Tapi mugia eta rasa bakal mukakeun lawang carita
Nu pisan dicita-cita

Urang keur nyieun sketsa, Nu tacan mangrupa
Urang keur diajar ngarenda, Nu tacan puguh dedegna
Kuring teu ieuh galideur
Najan tacan cindek kamana jugjugna

Teu kudu nunggu waktu anu tangtu,
Teu kedah ngareka mangsa anu diseja,
Mugia salira enggal percaya
Kana ieu rasa nu teu direka,

Cinta saenyana
Nu kaluar tina balumbang rasa,
Nitis tina ati sanubari,
Luyu jeung pangeusi qalbu

Tapi mun perlu waktu pikeun ngaku,
Kuring rela nunggu
Mun peryoga mangsa pikeun balaka,
Kuring ikhlas tunggara

januari 2008

BIMBANG

Janari mimiti seuri,
Tapi naha ati can keneh ngarti?
Beurang karasa beuki caang,
Tapi naha rasa masih keneh bimbang?

Geserna poe,
masih can bisa ningtrimkeun hate
Gantina wanci,
can keneh niiskeun ati
Rubahna waktu can tangtu miceun kabangluh qalbu

Akang masih can ngarti,
Bimbang ku hariwang,
Inggis ku bisi,
Sieun ku kakeueung,
Asa kagok mun rek lumampah

Sajeroning diri teu ngarti,
raga katandasa,
pikir kajungkir balik,
Tapi diri masih yakin arti kabeneran,
kasucian jeung kaikhlasan

oktober 2007