Tonggeret geus reang rek mungkas beurang
Kingkilaban geus nguniang rek mapag bentang
Tapi naha anjeun masih karasa anggang?
Tapi naha jungkrang rasa masih karasa lewang?
Angin peuting nu nyecep tiis,
Nyimbutan sepina ati
Caang bulan opat welas,
Ngupahan gundahna rasa
Tonggeret sore nu geus mimiti rehe,
Maturan simpena hate
Tapi naha jemplingna ieu peuting
Bet teu mawa tingtrim?
Ieu katresna terus nyaliara dina sakuliah raga
Pancuran cinta ngalir malipir geus teu kabendung deui
Duriat beuki cindek dina gumawangna lawang rasa
Kuring hoream tunggara lantaran mendem rasa cinta
Kuring moal weleh cumarita
Rehna ieu diri nyimpen rasa katresna ka diri salira
Mun beurang teu weleh kabayang,
Mun peuting sok datang dina impian,
Busur panah kacinta
Kagok geus ngabelesat tina gondewana
oktober 2007
Sabtu, 03 Oktober 2009
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar