Sabtu, 03 Oktober 2009

LAWANG RASA

Mun mega geus teu bisa nyimbutan carita
Mun surya geus teu bisa nyumputkeun katresna
Hayu urang buka sempalan carita anu sempat ditunda

Mun wanci geus teu bisa mindingan
Mun takdir geus teu bisa ngadingding kelir
Hayu urang suprih jati diri nu mugia bakal walagri

Jalan carita nu bakal disorang
Geus ngembat ngabentang
Sagala carita suka jeung duka
Ceurik jeung seuri
Bagja jeung tunggara
Tangtu moal bisa diingkahan
Eta kadar anu kudu ditarima

Anging janji anu pasini
Nu bakal ngajagi tina iri dengki
Mugia cinta urang jadi lembaran carita
Nu teu kudu dibasuh ku cimata
Mugia
Bagja anu diseja

oktober 2007

Tidak ada komentar:

Posting Komentar